Life Style

Puasa di Lembur: Munggahan jeung Kuramas

Puasa di Lembur: Munggahan jeung Kuramas

Ku Kang Warsa

Geus jadi babasaan di masyarakat urang, sapoé saméméh bulan puasa disebut munggahan. Kalawan letterlijk, kecap mungguhan miboga harti “pindah ka tempat anu leuwih luhur”. Hal ieu dumasar kana kanyataan yén anu disebut munggahan geus pasti lumangsungna dina tanggal panungtung bulan Rewah atawa Syaban. Kadieunakeun mah, kecap unggah digunakeun dina istilah téknologi informasi keur méré harti kana kecap upload.

Dina munggahan, masyarakat geus tatahar jeung nyiapkeun sagala rupa kaperluan dina raraga mapag bulan puasa. Geus biasa dina ieu poé, sarupaning ingon-ingon dipeuncit, lamun teu kitu biasana sok ngahaja meuli daging kiloan di pasar. Udaganna lain nanaon, poé kahiji bulan puasa mah kudu dahar atawa sahur jeung daging. Geus puguh ku ukuran mangsa bihari mah anu disebut ngonsumsi daging mangrupa hal anu masih jarang dilakonan.

Bisa kaitung iraha baé waktuna masyarakat ngonsumsi daging; sahur jeung buka poé kahiji puasa, lebaran, nalika dibagi rapot di sakola, jeung nalika gering. Sakapeung sok mikir, naha anu gering maké kudu dibéré jeung dititah dahar jeung daging, apanan sakuduna mah ngadahar daging hayam atawa sapi mah ngeunahna nalika awak séhat? Nya, ambéh gancang séhat deui meureun, kitu pikiran kolot-kolot mangsa harita.

Dina wanci lingsir ngulon, kaperluan keur usukan-asakan geus sayagi. Daging hayam, daging munding, jeung daging sapi geus dibersihan. Samara geus kumplit, kari ngaréndos dina coét, lamun kiwari mah ngaréndosna ku blender. Hawu geus ruhay ku seuneu, kaayaan lembur sareungit pacampur bau antara haseup suluh anu masih baseuh jeung olahan. Barudak ogé ilubiung ngaramékeun lembur, biasana arulin di lapang sakola agama atawa di kebon handapeun tangkal gombong.

Biasana récét jeung réangna barudak lumangsung nepi ka wanci kalangkang satangtung, waktu nuduhkeun manjing asar. Barudak anu can mandi atawa kuramas saméméh puasa sok dibawélan kunu jadi nini atawa indungna ku ucapan: rék nyanghareupan puasa, diri urang kudu beresih lahir jeung batin!

Bener, mandi kuramas saolah geus jadi kawajiban dilakonan ku urang lembur saméméh nedunan ibadah puasa. Kuramas nyaéta beberesih, mandi, adus, diangir, diroskam ku batu, cindekna awak kudu bersih. Henteu jauh béda sabenerna jeung tradisi di Nusantara anu disebut susuci ku tirtha (cai).

Tina kecap suci ieu ngabralkeun kecap turunan “cuci”, tah dina mangsa sasalad korona kawas sababaraha taun ka tukang mah “cuci tangan” nyucikeun leungeun diwajibkeun ku aturan 3M. Iwal kitu, ampir kabéh kayakinan miharep ka umatna sangkan jadi jalma anu suci lahir jeung batin, sok komo nalika arék nyanghareupan hal-hal anu diperedih pisan ku ajaran agama, umpamana arék puasa.

Atuh nalika awak geus beresih, reugreuh haté da pangbeubeurat diri geus leupas. Iwal mandi, kabiasaan anu wajib dilakonan saméméh puasa nyaéta silih lubarkeun tina kasalahan. Hal ieu mangrupa tarékah keur ngaberesihan batin. Aya éta ogé anu boga anggapan, silih lubarkeun tina kasalahan mah engké baé dina mangsa lebaran. Sok sanajan kitu, sabenerna ari silih hampura jeung papada alusna mah unggal poé.

Sababaraha jam saméméh puasa, sagala rupana geus disiapkeun, kadaharan keur sahur ogé sayagi, mandi jeung beberesih réngé dilakonan, kari siap-siap ngalaksanakeun solat tarawéh. Kolot budak, lalaki awéwé ngabring ka masigit jamé, jalan ogé haneuteun, pangeusi lembur saruka bungah ngabagéakeun kadatangan bulan puasa.

Related Articles

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Back to top button