Puasa di Lembur: Hitut dina Cai
Puasa di Lembur: Hitut dina Cai
Ku Kang Warsa

Tiap masigit –dina taun 80-an- biasana miboga kulah di hareupeunnana. Ayana kulah masigit, salian biasa digunakeun keur tempat wudlu, ogé biasa dipaké guyang ku kolot, ogé ku barudak.
Ngan ari keur barudak mah, mandi di kulah masigit téh lain sawates guyang tapi leuwih bisa disebut ngubek. Cai kulah bisa nepi ka beyedug jeung katénjo pisa kotorna. Awak lain jadi beresih, antukna kalah dipinuhan ku daki anu ngelemeng dina dada.
Sabenerna, barudak lembur garuyang di kulah masigit lain dina bulan puasa wungkul, da dina bulan-bulan séjénna ogé kulah teu weléh kiruh, utamana dina wanci pabeubeurang jeung pasosoré kusabab diguyangan ku barudak.

Ngan, sok sanajan dina bulan puasa ogé, kulah masigit teu weléh diguyangan ku barudak. Padahal anu ngaranna guyang sok komo sabari teuleum di kulah mangrupa perkara makruh da leuwih deukeut kana ngabatalkeun piasa.
Ongkohna loba kacaritakeun, barudak lengger jeung buraong mah sok ngaharajakeun, nalika teuleum di kulah sok dibarengan ku ngaregot cai. Henteu paduli, sok sanahan cai kulah asalna ti susukan.
Aya ogé barudak anu ngahajakeun hitut dina jero cai. Cai kulah nepi ka ngabelekbek palebah cangkéng beulah tukang budak anu hitut. Sok diomongan ku barudak séjénna: Batal tah manéh!
Pasualan fiqih anu kawilang anyar jeung ramé diobrolkeun ku barudak dina waktu pangajian nyaéta: hitut di jero cai ngabatalkeun puasa atawa henteu? Waktu pangajian dipindahkeun tina maghrib ka ashar jeung subuh. Ceuk guru ngaji mah itung-itung ngabuburit nungguan jedur bedug maghrib baé.
Masigit pinuh jeung euyeub ku barudak anu ngaji, réngsé sholat lohor –da harita mah sakola ogé peré kana sabulan lilana- barudak jeung para nonoman sok ngaradon saré di masigit.
Ceuk guru ngaji, hitut dina jero cai teu matak ngabatalkeun kana puasa, da lain nginum. Pasualan fiqih puasa di lembur tétéla bisa dijawab kalawan basajan ku guru ngaji, tara dililieur ku hal séjén anu beuki ngiruhan wacana jeung padungdengan.
Qiyas atawa analogi anu digunakeun ku guru ngaji kacida asup akal tur logis: bujur mah tara nginum, da nginum mah ku baham. Meunang dalil ti guru ngaji samodél kitu antukna barudak katénjo barungah, isukna nya kitu téa, barudak beuki ngahajakeun haritut dibelekbek-belekbek dina jero cai.
Ajengan dina mangsa harita bisa mawa jeung nepikeun ajaran kalawan spéktrum anu bisa nyumponan alam pikir masyarakat lembur anu basajan. Ngaranna ogé urang lembur, ajengan kudu miboga tarékah anu laér aisan jeung landung kandungan, pihartieunna mah, fléksibel jeung bisa katarima ku masyarakat harita.
Sok komo lamun diudag ku ushul fiqih, apanan aya kaédah: Al-Masyaqqoh Tajlibu Taysir, hartina ajaran jeung prak-prakkan dina agama kudu didadasaran ku gampang jeung teu ngahésékeun anu ngalakonan.
Fiqih puasa sabenerna lain hal anéh. Kungsi jeung biasa dilakonan ku masyarakat di lembur nyaéta ‘itikaf di masjid. Amaliyah ‘itikaf dina taun 80-an ka handap mah lain mangrupa hal anu ngetrén di masarakat lembur. ‘Itikaf mimiti diwanohkeun dina taun 90-an katompérnakeun di wewengkon urban.
Sok sanajan kitu, hal éta lain hiji kaanéhan, da geus biasa dilakonan ku barudak lembur. Malahan anu jadi guru ngaji mah remen maca dalil: wal ‘akifiina warruka’issujuud.
Jadi bener ogé, anu ngaranna fiqih jeung kabiasaan anu teu patukang tonggong jeung dalil agama sabenerna leuwih tiheula sumebar di lembur-lembur. “Désa mawa cara, nagara mawa tata” mangrupa paribasa anu éstu sabenerna, lain saukur catur tanpa bukur.




