Puasa di Lembur : Sanlat
Ku Kang Warsa

Diayakeun calagara pasantrén kilat di sakola-sakola di ieu nagara dina bulan puasa sabenerna kabéhdieunakeun, dina médio taun 80-an. Nepi ka awal taun 90-an katompérnakeun, ieu calagara beuki dipikawanoh ku masyarakat, utamana ku barudak sakola.
Béda jeung pasantrén konvénsional atawa pasantrén tradisional (salafiyah), pasantrén kilat mimiti sumebar di wewengkon kota. Ieu mangrupa hiji gerakan kaum urban-perkotaan dina méré sikep kana datangna bulan puasa. Mimiti sumebar dina taun 80 jeung 90-an, bisa disebut, masyarakat urban-perkotaan dina mangsa harita keur meujeuhna haus kana élmu agama.
Kajian atawa ngaji kaagamaan dilakonan ku aktivis-aktivis kampus. Tug nepi ka bralna kawijakan pasantrén kilat di sakola-sakola téh, teu leupas tina tarékah kaum urban-perkotaan anu diluluguan ku aktivis kampus.
Tujuanna alus, sangkan umat, utamana generasi Islam perkotaan nu ngarora lain saukur ngagem Islam kusabab warisan ti indung bapana, tapi kudu wanoh kana hal ihwal anu aya dina ieu agama. Lain cangkang wungkul, ogé jeung eusina.
Ku barudak anu aya di lembur jeung barudak kobong (pasantrén) ayana pasantrén kilat teu dijadikeun sual, da barudak lembur mah kajaba deukeut jeung pondok pasantrén jeung tempat pangajian, ogé mangrupa santri-santri kalong anu sapopoéna tara jauh jeung kitab, komo deui élmu-élmu dasar kaagamaan. Dipetél nalar Juz ‘Amma jeung Nashrif mah pasti bisa sanajan rarampa ogé.

Kadieunakeun, pasantrén kilat lain saukur jadi hiji hal anu kawilang trénding di masyarakat urban-perkotaan, awuhanna mimiti ngangsreg ka sakola-sakola di lembur, ti mimiyi sakola dasar nepi ka SLTA.
Sakola ngawajibkeun ka para pamilon atikanna kudu anclub jadi santri kilat salila tilu nepi ka tujuh poé. Biasana, bérés ilubiung jadi santri kilat dibéré piagam, geus méréskeun kawajiban salaku santri kilat.
Di sakola-sakola dasar mah teu jadi sual, sabab guru agama langsung anu jadi kyai jeung panitia dina pasantrén kilat. Tapi keur sakola-sakola luhur, utamana SMA jeung SMK, panitia sanlat biasa sok ngadatangkeun Ustadz Urban, sebut baé ustadz-ustadz anu boga konéksi jeung panitia sanlat arék hubungan personal atawa idéologi-émosional.
Hartina para ustadz anu jadi tutor pasantrén kilat téh ditangtukeun ku pamikiran panitiana. Di Sukabumi, opat aliran anu harita euyeub di masarakat Urban-Perkotaan nyaéta: Kelompok Tarbiyah (IM), HT, JT, jeung NII.
Keur kelompok mana baé ogé, para pamilon atikan (siswa) tangtu mangrupa targét atawa sasaran dakwah, kadér poténsial anu kudu diasupan gizi, kudu diimunisasi ku doktrin atawa kamandang idéologi anu loyog jeung kelompokna.
Kamandang ngeunaan Islam ogé antukna antara hiji kelompok jeung kelompok séjén rada béda utamana dina pasualan dahan (furu’), hal anu lain utama, tapi justru ayana padungdengan téh kusabab béda dina pasualan dahan (furu’).
Pasantrén kilat mangrupa trigger keur kelompok-kelompok di luhur sangkan para alumni pasantrén kilat dina réngsé bulan puasa (syawal) aya anu asup jadi kader atawa simpatisan kelompokna. Pangajian minggonan saminggu sakali, ngaguar pasualan-pasualan anu lain pikiraneun barudak sakola, tapi geus jauh teuing nepi ka nyual masalah kaayaan jeung sistem kakawasaan.
Antukna, kusabab para santri mangrupa alumni pasantrén kilat, anu dihasilkeun tina kilat (guludug), di masyarakat ogé dina ngaluarkeun kamandang ngeunaan agama (Kaislaman) jejelegéran jeung bebeledugan baé kawas guludug atawa kilat.
Teu nénjo masyarakat modél kumaha kaayaannana, angger baé dijelebétan ku dalil-dalil anu dicokot tina Quran tuluy dibéré harti jeung ditafsirkeun ku golongannana jeung dirina.
Tangtu baé béda jeung para santri pasantrén tradisional. Kusabab loba anu matuh di kobong nepi ka mangtaun-taun, diajarna ku kyai-kyai anu bener-bener kungsi masantrén ogé, tara sumarambah kana hal-hal anu séjén.
Ceuk Zamahksari Dhofier, pasantrén mangrupa pranata sosial anyar anu misah ti masyarakat. Disebutkeun dina buku Tradisi Pesantren, kumaha kahirupan di pasantrén.
Kusabab disipuh ku guru ngaji jeung kyai anu bener-bener kungsi masantrén, komo nalika ngaderes Ihya, barudak santri di lembur tara pating jejelebétan teuing dina ngaguar agama (kaislaman) di masyarakat. Kitu baé saperluna, da ceuk guru ngaji oge nu penting masyarakat bisa tur bener wudlu jeung sholatna, éta wé hela.
Ditalingakeun ku kuring kalawan daria kumaha kahirupan di pasantrén, salila lima taun kuring ilubiung blus-blos asup ka kobong, nilikan kumaha kahirupan sajatining santri. Ngan santri anu hirupna merdéka, jigana.
Santri mah biheung mikiran kumaha kaayaan ieu nagara, nu penting bisa ngaji, sholat, ngaji, ngariung tahlilan, meunang berkat, sholat deui, ngaji deui, bérés! Mangsa kahareup kumaha kahirupan para santri? Arék jadi naon maranéhna engké? Jawabanna basajan: anging Alloh anu uninga.
Da bener atuh, kahirupan di pasantrén salafiyah mah salian ti sholat jeung ngaji, hal anu matuh dilakonan téh nyaéta ngaliwet. Sakapeung ngaliwet ogé teu apal wayah jeung wanci. Tengah peuting ogé lamun para santri lapar, geus tangtu ngaliwet.
Lalab jeung laukna? Nya maok baé di kebon jeung balong kyai. Bérés! Tara bingung ku teu boga duit da ku indung bapana ogé ngan dibekelan saperluna. Matak lamun aya santri manggih duit gedéna 5.000 (gocéng) di jalan atawa di kobong tara dihukuman barang syubhat langsung baé diklém atawa diaku: BAROKAAAHHHH!, tuluy éta duit ditapelkeun kana tarang.
Isuk-isuk, wanci haneut moyan, nalika masarakat cuh cih itu jeung ieu, aya anu indit ka pabrik, ka kantor, ka pakasaban, lolobana para santri mah ngariung kénéh baé sabari naragog di kobong. Aya anu ngahaja mawa panyiuk eusina sabun, sikat huntu, odol. Anduk disalémpangkun dina taktak.
Ngawarangkong sabari saleuseurian. Teu paduli dunya keur sibuk, itu jeung ieu ngulincer naréangan duit, para santri mah teu hayang nyaho kana urusan nu karitu. Da dina dirina geus nancleb tékad: ANU NGARIJKIAN MAH ALLOH! Bérés, teu kudu lieur ku pi-tai-eun, cenah! Barakatak saleuseurian deui.
Kaayaan para santri modél di luhur sihoréng mangrupa kawah candradimuka keur nyanghareupan kahirupan kahareup. Sangkan kahirupan anu pinuh ku cocoba teu disanghareupan ku sikep juwet, piomongeun, pacékcokan. Koncina: sumerah kana takdir ti Alloh.




