Banjir jeung Pangwangunan
Ku Kang Warsa

Dina taun 90-an katompérnakeun, kampung Pangkalan anu pernahna aya di kiduleun Balandongan mimiti katarajang ku banjir. Puluhan kotak sawah kakeueum ku cai anu limpas ti wahangan. Banjir teu pati gedé, imah-imah ogé masih can kakeueum ku cai. Ngan hal éta mangrupa tanda, bisa disebut ancaman keur masyarakat Pangkalan, dina waktu anu bakal datang, banjir anu leuwih rongkah bakal narajang ieu lembur.
Banjir dina taun harita dilantarankeun ku sababaraha sabab. Kahiji, Pangkalan mangrupa hiji tempat nu handap, aya di landeuheun kampung-kampung séjén saperti Balandongan jeung Lio. Di dua lembur anu disebutkeun – Balandongan jeung Lio- pangwangunan imah jeung betonisasi geus mimiti mahabu lamun dibandingkeun jeung sababaraha taun ka tukang. Geus bisa diteguh, cai hujan anu biasana bisa diserep langsung ku taneuh, nalika taneuh geus katutup ku beton jeung wangunan imah, cai langsung limpas ka wahangan, jalan anu miboga kamalir sagedé-gedé pingping orok teu bisa nadah cai anu ngagulidag, balukarna limpas ka jalan.
Kadua, Pangkalan mangrupa hiji lembur anu kaliwatan ku tilu wahangan. Wangahan beulah wétan mah masih rada gedé meueusan, ku masyarakat di éta wewengkon sok disebut susukan gedé. Orokaya, dua susukan anu aya beulah kulon mangrupa susukan atawa wahangan heureut, sebut baé kamalir kusabab ukuranna geus teu bisa disebut deui susukan, laleutik jeung daréét.
Sanggeus éta kajadian, Pangkalan –ku masyarakatna sorangan– meunang panglandih, yén ieu lembur mangrupa singkétan atawa akronim tina Kampung Kapal, hiji sebutan kusabab kanyataan anu mindeng lumangsung di éta lembur, tiap hujan rada gedé pasti kakeueum ku cai, ibarat hiji kapal anu ancleung-ancleungan di tengah sagara.
Sebutan Kampung Kapal tangtu patukang-tonggong jeung toponimi atawa sabab-musabab ieu lembur disebut Pangkalan. Pangkalan miboga harti tempat mangkalna jalma-jalma, kusabab di éta lembur aya hiji astana anu kawilang gedé. Ieu sebutan sarimbag jeung Pangkalan Kulon anu aya di wewengkon Santiong, sabab teu jauh ti éta lembur mémang aya astana anu kawilang gedé; Santiong jeung Tegal Jambu.
Méméh niténan kana pangwangunan di urang anu sok rada patukang-tonggong jeung RTRW (Rencana Tata Ruang Wilayah), masyarakat kudu boga sikep adil dina méré kamandang. Hartina, teu sagembleungna kajadian banjir ditibankeun kusabab kasalahan pamaréntah dina ngokolakeun pangwangunan. Kudu dicekel pageuh ucapan karuhun-karuhun urang: Jalma kudu apal kana purwadaksina, asal-muasal. Maksudna kieu, dina mangsa kiwari, lamun ditalungtik kalawan daria, masyarakat di urang dina ngawangun imah tara kungsi merhatikeun naon anu disebut jeung sakuduna hiji wangunan diadegkeun. Ampir 70% imah anu diwangun teu miboga buruan imah. Tiap imah tompér ka sisi jalan, dina miboga buruan ogé geus pasti ditémbok.
Nepi ka taun 2000-an, ampir tiap imah miboga buruan, masih taneuh, dipelakan ku rupaning tangkal arék palawija atawa tatangkalan anu bisa nyerep cai. Ti taun 2000 nepi ka ayeuna, ngan sababaraha suhunan anu masih mertahankeun kaayaan asal. Mémang teu saeutik jalma anu melak rupaning kekembangan jeung nyieun taman di buruan imah, hanjakal melak kekembanganna dina pot lain langsung dina buruan imah. Nya geus pasti nalika datang usum ngijih, loba cai anu teu kaserep ku taneuh. Ampir kabéh jalma boga pamadegan sarua, manusa asal tina taneuh, tapi teu boga rumasa jeung rasa; naon anu sakuduna ditarima ku taneuh.

Sababaraha tarékah geus dilakonan ku pamaréntah ku cara ngaluarkeun régulasi jeung kawijakan anu museurkeun kumaha cara jeung tarékah nyegah banjir anu leuwih rongkah dina mangsa ka hareup. Dina taun 2003-2008, kawijakan Pamaréntah Kota Sukabumi anu diluluguan ku H.M Muslikh Abussyukur (alm), kalawan pilot prjectna ku Dinas Tarlingkim ngabetuskeun kawijakan Prokasih (Program Kali Bersih) jeung dijieun sababaraha sumur resapan cai di tiap wewengkon.
Hal éta mangrupa ikhtiar ti pamaréntah sok sanajan antara kawijakan anu rada meueusan masih kaséréd ku aplikasi dina nerapkeun kawijakan séjén. Sumur resapan dijieun, ngan pangwangunan imah, plésterisasi gang, pengaspalan jalan beuki rongkah. Irigasi jeung talud-talud diwangun henteu sabanding jeung debit cai anu minuhan kamalir, susukan, jeung wahangan. Hiji hal anu pamohalan ngawujud, banjir bisa dicegah sedengkeun ampir kabéh jalan utama teu miboga kamalir atawa pamiceunan cai anu bisa nadah cai. Sababaraha kamalir anu dijieun handapeun trotoar ogé loba anu kapendet ku runtah.
Mémang aya benerna nalika jalma boga kamandang: limpasna cai ka jalan jeung balahi banjir mangrupa tanda kamajuan pangwangunan hiji wewengkon. Ngan geus pasti, pangwangunan modél kumaha baé ogé kudu katarima jeung kudu mawa hal anu leuwih alus sangkan ngawujud jadi hiji peradaban. Hujan di ieu nagara masih kawilang normal lamun dibandingkeun jeung sababaraha nagara deungeun anu mindeng katarajang hujan jeung badéi.
Nagara-nagara maju geus miboga cara anu jitu keur ngaréngsékeun pasualan banjir. Umpamana, geus jadi hiji kamistian wewengkon anu ngaranna kota miboga ‘terowongan bawah tanah’ anu bisa ngamalirkeun cai ka wahangan. Kota jeung tiap wewengkon kudu boga wahangan anu dijieun ku tarékah jalma, ukuran kudu proporsional jeung jumlah jalan anu aya. Kacida ngalangit nalika urang ngedalkeun pamikiran bisa nyegah banjir sedengkeun antara jumlah jalan, imah, jeung betonisasi teu sabanding jeung jumlah wahangan anu bisa nadah cai.
Hartina, sagala rupa teu cukup disanghareupan ku kecap: Ah, ieu mah geus takdir tinu Maha Kawasa, banjir jeung balahi naon baé kudu ditarimakeun. Sabalikna urang kudu boga pamadegan: kusabab Alloh nyiptakeun ieu alam kalawan ukuran anu pas jeung pasti, présisi babandinganna bener, geus jadi hiji kamistian hirup kumbuh jalma ogé kudu nurut kana itung-itungan anu aya di ieu alam.
Alam mangrupa hal anu bisa diukur jeung diitung kalawan matématis, kitu deui hirup kumbuh jeung kanyataan anu tumiba ka masyarakat sangkan antara kasaimbangan alam jeung kahirupan jalma bisa ngawujud. Orokaya, bangsa urang mah kana matématika jeung kana élmu-élmu pasti ogé masih loba anu ngbetuskeun kamandang: ah élmu-élmu samodél kitu mah moal dibabawa ka akhérat. Nya heueuh, da pasualan hirup mah ayana di dunya lain di akhérat.




