Kolom

Halalbihalal

Ku Kang Warsa

Lain jigana, da mémang aya di enyana, halalbihalal anu dilakonan tiap mangsa Lebaran ngan aya di ieu wewengkon atawa nagara urang.

Ceuk pangalaman jalma-jalma anu kungsi nyaba ka nagara deungeun malah anu mukim di mancanagara ngaromongkeun: nalika lebaran téh sok rus-ras inget baé ka lembur.

Hal di luhur dikedalkeun alatan teu manggihan tradisi halalbihalal ari lain dikokojoan ku bangsa urang-urang kénéh anu aya di mancanagara. Hartina nagara séjén teu miboga tradisi halalbihalal samodél di urang.

Sababaraha carita ngébréhkeun, tradisi halalbihalal saréngsé lebaran mangrupa alpukah atawa produk KH. Wahab Hasbullah.

Dijieunna tradisi halalbihalal mémang dilantarankeun ku kabiasaan masyarakat di ieu wewengkon anu resep ngumpul ngariung jeung papada.

Masyarakat di ieu wewengkon mangrupa mintonkeun sikep Gammeinschaft atawa paguyuban anu leuwih milih hirup sauyunan, kompak, sapamadegan, jeung akur.

Kabiasaan masarakat anu geus ngadarah daging atawa ngakar dina kahirupan diaplikasikeun tuluy ngawujud jadi tradisi halalbihalal anu moal dipiboga ku bangsa deungeun.

Kalawan étimologis, halalbihalal bisa dihartikeun ngahalahkeun kalawan halal, lamun dihartikeun sacara kontékstual nyaéta silih bébaskeun tina kasalahan.

Anu matak tradisi halalbihalal ieu idéntik jeung sasalaman (mushofahah) sabari nyarita: hampura kuring bisi loba kasalahan anu karasa atawa teu karasa.

Dina mangsa formatifna atawa mimiti ayana tradisi halalbihalal, KH. Wahab Hasbullah ngayakeun acara ngumpul ngariung anu diluuhan ku kaum élit atawa para inohong masyarakat.

Lila-lila ieu tradisi sumebar di masyarakat, lain saukur dilakonan ku para inohong tapi geus ngalebur dilakonan oleh ku kabéh unsur masyarakat dina tiap lebaran.

Tug nepi ka ayeuna kaalaman ku urang pisan halalbihalal arék dilakonan ku kulawarga, masyarakat, DKM, ikatan alumni sakola, nepi ka instansi pamaréntahan.

Geus pasti jeung sakuduna tradisi anu kawilang alus ieu dimumulé ku urang salaku jalma anu netep di ieu wewengkon.

Tradisi anu dilantarankeun ku sikep sauyunan jeung rempug jukung mangrupa cara keur nyieuhkeun bancang pakéwuh nepi ka papaséan anu bisa ngaruntuhkeun tihang kahirupan.

Arék diaku atawa diangles kumaha baé ogé, akar budaya bangsa urang téh lain nanaon, tapi sikep duduluran jeung babarayaan.

Anu matak sok jadi babasaan nalika aya dua jalma silih herengan ku anu jadi kolot-kolotna sok diomongan: “Ulah kitu, bisi pajauh huma!”

Related Articles

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Back to top button